Sabelas Dua Belas Tilu Belas
“
Abdi resep ka Ani, kersa teu Ani janten kabogoh abdi ! “ ceuk Ridwan ka Ani
bari nyekelan lengena Ani. Pas bade di waler ku Ani, gorejat hudang si Ridwan teh,
lantaran kahudangkeun ku adan solat subuh di masjid. Harita keneh Ridwan mikir
dina hatena, bari lulungu keneh, Ridwan ngarasa hanjakal mukakeun panon, tapi
teu bisa dikukumahakeun deui da enggeus hudangna
oge. Ridwan
teu bisa nyalahkeun anu ngahudangkeun manehna nyaeta anu adan di masjid, lantaran
eta adan teh tos jadi kawajiban anu maksudna nyaeta ngajak jelema sangkan solat
subuh berjamaah di masjid atawa solat munparid di imah sosoranganan. Tapi anu
leuwih hade mah nyaeta solat di masjid anu meunang ganjaran dua puluh tujuh
ganjarana solat berjamaah. Ridwan geuwat nutupkeun deui panon sangkan bisa
nuluykeun deui ngimpi anu bieu kapegat ku anu adan. Tapi teu bisa
dikukumahakeun deui lantaran ngimpi moal bisa di teruskeun sakumaha urang,
kusabab eta ngimpi mah ngan saukur kembangna dina sare, jeung sakumaha ijin ti
gusti Allah. Dina hate Ridwan kukulutus lantaran teu apal naon jawaban anu
bakal ku Ani ditepikeun. Ridwan geuwat kacai anu diniatan erek hudu.
Sanggeus solat subuh Ridwan ngalamunkrun Ani anu dipika
bogohna grus lila pisan. Ridwan jeung ani geus jadi babturan geus lila, kaitung
meureun tujuh bulanan mah. Ridwan ngalamun di deukeut panto kamarna. Ridwan
bogoh ka ani ti mimiti papanggih. Ridwan ngalamun di deukeut panto lila pisan.
Ridwan terus ngalamun jeung terung ngabayangkeun ani. Ridwan geus ka meumeut pisan
bogohna teh, unggal poe Ridwan mikirkrun ani jeung ani hunkul.
Kira kira jam lima leuwih tilu puluh menit maneh na
hudang tina lamunana. Maneh na hudang tina lamunanna langsung ka cai rek mandi
lantarn rek kuliah ti salah sahiji Universitas Swasta anu aya di kota Bandung.
Manehna nyokot handuk dina lomari, handuk eta teh handuk anyar anu anyar keneh
dipangmeulikeun ku Indungna, kira kira geus kaitung meureun kana dua mingguan
eta anduk teh di teundeun dina lomari. Terus dina lomari teh manehna ngareret kahan
dapeun baju, aya duit anu nyelap dina baju anu meunang nyitrika. Duit eta teh
warnana beureum, pasti geus apal meureun lamun warna beureum duitna
sabaraha. Duit eta langsung ku manehna
diasupkeun kana pesak calana anu tukang anu belah kenca. Ridwan teu mikir eta
duit anu saha lantaran ridwan jelemana anu pohoan kana nunda duit teh. Jadi
manehna lamun manggihan duit bakal langsung dicokot langsung dipesakan wae. Maneh
na langsung kakamar mandi nyaeta erek mandi. Hatena ngarasa bungah lantaran
manggihan duit warna beureum dina lomarina.
Sanggeus
nepi kamar mandi manehna nunda anduk dina pangait anu aya di kamar mandi. Pas
pisan rek nyokot sika gigi jeung odol, manehna ngareret kana wadah sabun mandi,
apek the euweuh sabun mandi jeung sampona oge. Manehna kakara inget yen poe
kamari sabun mandina dialungkeun ku manehna, sabab harita manehna keur aya
kapusing. Ridwan pohoeun ngalungkeun sabun mandi jeung sampona.
Ridwan
langsung kaluar ti kamar mandi, terus ka kamar paragi sare, diuk dina korsi
bari neangan duit dina tumpukan buku anu aya dina meja belajar. Manehna
ngareret kana kalender leutik anu aya dina meja, jeung gigireun eta kalender
aya duit ngagoler dua puluh rebu. Leungeun ridwan nyokot kana duit tapi panon
manehna ningali kana kalender, dina kalender eta aya tanggal anu meunang
ngabuleudan. Kuridwan leuwih di ilikan. Dina kalender eta anu aya meunang
ngabuleudan, aya katerangan yen dina tanggal sabelas, bulan dua belas, taun dua
rebu tilu belas, maneh na ngabogaan niat. Niat eta the nyaeta erek ngomongkeun bogoh ka anu dipika meumeutna
nyaeta Ani. Duit anu geus di cekelan ku manehna oge langsung di leupaskeun
deui. Manehna geuwat nyokot kalender bari di tilikan jeung dibaca
tuluy-tuluyan. Sabari maca, manehna oge ngabayangkeun Ani dina hate jeung
pikiranana. Teu lila eta kalender ku ridwan di tunda deui kana tempatna. Pas
nunda eta kalender, manehna langsung nyokot duit anu tadi ngagoler gigireun
kalender.
Ridwan
langsung nyokot jeket anu aya dina pangait baju gigireun lomari. Duit anu tadi
geuwat di sakuan kana pesak jeket Beulah katuhu. Teu lila di jeket di kamarna,
manehna langsung neangan sandal, tuluy manehna indit ka warung rek meuli sabun
mandi jeung sampo. Dijalan ka warung manehna sabari ngalamunkeun jeung
ngabayangkeun sarta mikirkeun anu dipika bogohna nyaeta ani. Anu dipikirkeunana
nyaeta kumaha engke pas nyatakeun bohohna ka ani, lantaran manehna eraan lamun
deukeut ka hiji awewe anu di pika bogohna.
Nepi
diwarung, manehna langsung meuli sabun mandi jeung sampona, henteu poho manehna
meuli oge dhareun. Teu lila diwarung manehna langsung balik deui ka imahna.
Henteu poho salila dijalan rek balik ka imah, manehna mikirkeun jeung
ngabayngkeun ani. Teu lila, sabab warung jeung imah ridwan hentu jauh. Pas nepi
hareupeun imahna, lamunan na ereun. Ridwan geuwat asup kaimahna, tuluy kakamar,
dikamar manehna nunda jeket tuluy digantungkeun kana pangain anu aya dina
gigireun lomari.
Dikamar
ridwan diuk dina korsi sabari nunda keresek warna hideung anu dicekelna, anu
eusina sabun mandi jeung sampo. Dina keresek hiji deui, nyaeta anu euisina
dahareun. Dahareuna nu aya dina keresek, kumanehna langsung di buka tuluy di
dahar. Sabari barang dahar, manehna mikirkeun ani. Ridwan cecelebekan ngadahar
dahareun sabari nyekelan kalender jeung dina hatena mah mikirkeun ani we jeung
ani.
Teu
lila, dahareun beak, tuluy manehna cengkat nyokot keresek hiji deui anu eusina
sabun mandi jeung sampo. Ridwan ngareret kana jam, manehna reuwas sabab geus
jam tujuh leuwih lima menit. Lumpat langsung ka kamar mandi nyaeta rek mandi.
Waktos
beuki nyeredet, panon poe geus aya di Beulah girang. Langit geus robah jadi
hideung tur loba bentang anu ting gurilap. Angin ting gelebug asup kajero imah
ridwan. Sora jangkrik jeung bangkong di sarada, di tembalan ku manuk bueuk jeung
cingcuing. Dina hate ridwan geus teu ngeunah rarasaan, inget ka ani. Harita
keneh tanggal sapuluh bulan dua belas taun dua rebu tilu belas, ridwan
ngadak-ngadak teu bisa sare, lantaran hatena pinuh ku rasa anu teu puguh
rarasaan. Sapeupeuting ridwan teu sare pisan. Ridwan kur sare satengah jam,
nyaeta ti jam lima isuk.
Panon
poe moncrong ti belah wetan, sora manuk anu silih patembalan. Ridwan hudang
tina sare anu ngalenyap sakeudeung pisan. Ridwan lulungu bari leumpang ka kamar
mandi. Sanggeu ridwan mandi, manehna geuwat dibaju sabari mikir rek ngomong
naon ka ani. Sateuacan di baju, ridwan meunang sms ti Ani, mimitina ridwan
bungah, tapi pas maca sms na, manehna langsung ceurik lantaran maca sms ti ani,
yen ani tos pindah kuliahna ka luar
negri, jeung ayeuna the ani na tos aya ti luar negri. Tidinya keneh ridwan
sedih anu kacida. Ridwan janten boga kayakinan yen “cinta teu salamina kedah
ngagaduhan”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar