Ssbels; dua bels; tilu bels;
“ Ab;di resep; k Ani, ker;s
teueu Ani jn;ten; kbogoh abdi ! “ ceuk Ridwan ka Ani bari
nyekelan lengena Ani. Pas bade di waler ku Ani, gorejat hudang si Ridwan teh, lantaran kahudangkeun ku adan solat subuh di masjid.
Harita keneh Ridwan mikir dina hatena, bari lulungu keneh, Ridwan ngarasa
hanjakal mukakeun panon, tapi teu bisa dikukumahakeun deui da enggeus hudangna oge. Ridwan teu bisa nyalahkeun anu ngahudangkeun manehna
nyaeta anu adan di masjid, lantaran eta adan teh tos jadi kawajiban anu
maksudna nyaeta ngajak jelema sangkan solat subuh berjamaah di masjid atawa
solat munparid di imah sosoranganan. Tapi anu leuwih hade mah nyaeta solat di
masjid anu meunang ganjaran dua puluh tujuh ganjarana solat berjamaah. Ridwan
geuwat nutupkeun deui panon sangkan bisa nuluykeun deui ngimpi anu bieu kapegat
ku anu adan. Tapi teu bisa dikukumahakeun deui lantaran ngimpi moal bisa di
teruskeun sakumaha urang, kusabab eta ngimpi mah ngan saukur kembangna dina
sare, jeung sakumaha ijin ti gusti Allah. Dina hate Ridwan kukulutus lantaran
teu apal naon jawaban anu bakal ku Ani ditepikeun. Ridwan geuwat kacai anu
diniatan erek hudu.
Sanggeus
solat subuh Ridwan ngalamunkrun Ani anu dipika bogohna grus lila pisan. Ridwan
jeung ani geus jadi babturan geus lila, kaitung meureun tujuh bulanan mah.
Ridwan ngalamun di deukeut panto kamarna. Ridwan bogoh ka ani ti mimiti
papanggih. Ridwan ngalamun di deukeut panto lila pisan. Ridwan terus ngalamun
jeung terung ngabayangkeun ani. Ridwan geus ka meumeut pisan bogohna teh,
unggal poe Ridwan mikirkrun ani jeung ani hunkul.
Kira
kira jam lima leuwih tilu puluh menit maneh na hudang tina lamunana. Maneh na
hudang tina lamunanna langsung ka cai rek mandi lantarn rek kuliah ti salah
sahiji Universitas Swasta anu aya di kota Bandung. Manehna nyokot handuk dina
lomari, handuk eta teh handuk anyar anu anyar keneh dipangmeulikeun ku
Indungna, kira kira geus kaitung meureun kana dua mingguan eta anduk teh di
teundeun dina lomari. Terus dina lomari teh manehna ngareret kahan dapeun baju,
aya duit anu nyelap dina baju anu meunang nyitrika. Duit eta teh warnana
beureum, pasti geus apal meureun lamun warna beureum duitna sabaraha. Duit eta langsung ku manehna diasupkeun kana
pesak calana anu tukang anu belah kenca. Ridwan teu mikir eta duit anu saha
lantaran ridwan jelemana anu pohoan kana nunda duit teh. Jadi manehna lamun
manggihan duit bakal langsung dicokot langsung dipesakan wae. Maneh na langsung
kakamar mandi nyaeta erek mandi. Hatena ngarasa bungah lantaran manggihan duit
warna beureum dina lomarina.
Sanggeus nepi kamar mandi manehna
nunda anduk dina pangait anu aya di kamar mandi. Pas pisan rek nyokot sika gigi
jeung odol, manehna ngareret kana wadah sabun mandi, apek the euweuh sabun
mandi jeung sampona oge. Manehna kakara inget yen poe kamari sabun mandina
dialungkeun ku manehna, sabab harita manehna keur aya kapusing. Ridwan pohoeun
ngalungkeun sabun mandi jeung sampona.
Ridwan langsung kaluar ti kamar
mandi, terus ka kamar paragi sare, diuk dina korsi bari neangan duit dina
tumpukan buku anu aya dina meja belajar. Manehna ngareret kana kalender leutik
anu aya dina meja, jeung gigireun eta kalender aya duit ngagoler dua puluh
rebu. Leungeun ridwan nyokot kana duit tapi panon manehna ningali kana
kalender, dina kalender eta aya tanggal anu meunang ngabuleudan. Kuridwan
leuwih di ilikan. Dina kalender eta anu aya meunang ngabuleudan, aya katerangan
yen dina tanggal sabelas, bulan dua belas, taun dua rebu tilu belas, maneh na
ngabogaan niat. Niat eta the nyaeta erek ngomongkeun bogoh ka anu dipika meumeutna
nyaeta Ani. Duit anu geus di cekelan ku manehna oge langsung di leupaskeun
deui. Manehna geuwat nyokot kalender bari di tilikan jeung dibaca
tuluy-tuluyan. Sabari maca, manehna oge ngabayangkeun Ani dina hate jeung
pikiranana. Teu lila eta kalender ku ridwan di tunda deui kana tempatna. Pas
nunda eta kalender, manehna langsung nyokot duit anu tadi ngagoler gigireun
kalender.
Ridwan langsung nyokot jeket anu
aya dina pangait baju gigireun lomari. Duit anu tadi geuwat di sakuan kana
pesak jeket Beulah katuhu. Teu lila di jeket di kamarna, manehna langsung
neangan sandal, tuluy manehna indit ka warung rek meuli sabun mandi jeung
sampo. Dijalan ka warung manehna sabari ngalamunkeun jeung ngabayangkeun sarta
mikirkeun anu dipika bogohna nyaeta ani. Anu dipikirkeunana nyaeta kumaha engke
pas nyatakeun bohohna ka ani, lantaran manehna eraan lamun deukeut ka hiji
awewe anu di pika bogohna.
Nepi diwarung, manehna langsung
meuli sabun mandi jeung sampona, henteu poho manehna meuli oge dhareun. Teu
lila diwarung manehna langsung balik deui ka imahna. Henteu poho salila dijalan
rek balik ka imah, manehna mikirkeun jeung ngabayngkeun ani. Teu lila, sabab
warung jeung imah ridwan hentu jauh. Pas nepi hareupeun imahna, lamunan na
ereun. Ridwan geuwat asup kaimahna, tuluy kakamar, dikamar manehna nunda jeket
tuluy digantungkeun kana pangain anu aya dina gigireun lomari.
Dikamar ridwan diuk dina korsi
sabari nunda keresek warna hideung anu dicekelna, anu eusina sabun mandi jeung
sampo. Dina keresek hiji deui, nyaeta anu euisina dahareun. Dahareuna nu aya
dina keresek, kumanehna langsung di buka tuluy di dahar. Sabari barang dahar,
manehna mikirkeun ani. Ridwan cecelebekan ngadahar dahareun sabari nyekelan
kalender jeung dina hatena mah mikirkeun ani we jeung ani.
Teu lila, dahareun beak, tuluy
manehna cengkat nyokot keresek hiji deui anu eusina sabun mandi jeung sampo.
Ridwan ngareret kana jam, manehna reuwas sabab geus jam tujuh leuwih lima menit.
Lumpat langsung ka kamar mandi nyaeta rek mandi.
Waktos beuki nyeredet, panon poe
geus aya di Beulah girang. Langit geus robah jadi hideung tur loba bentang anu
ting gurilap. Angin ting gelebug asup kajero imah ridwan. Sora jangkrik jeung
bangkong di sarada, di tembalan ku manuk bueuk jeung cingcuing. Dina hate
ridwan geus teu ngeunah rarasaan, inget ka ani. Harita keneh tanggal sapuluh
bulan dua belas taun dua rebu tilu belas, ridwan ngadak-ngadak teu bisa sare,
lantaran hatena pinuh ku rasa anu teu puguh rarasaan. Sapeupeuting ridwan teu
sare pisan. Ridwan kur sare satengah jam, nyaeta ti jam lima isuk.
Panon poe moncrong ti belah wetan,
sora manuk anu silih patembalan. Ridwan hudang tina sare anu ngalenyap
sakeudeung pisan. Ridwan lulungu bari leumpang ka kamar mandi. Sanggeu ridwan
mandi, manehna geuwat dibaju sabari mikir rek ngomong naon ka ani. Sateuacan di
baju, ridwan meunang sms ti Ani, mimitina ridwan bungah, tapi pas maca sms na,
manehna langsung ceurik lantaran maca sms ti ani, yen ani tos pindah kuliahna
ka luar negri, jeung ayeuna the ani na
tos aya ti luar negri. Tidinya keneh ridwan sedih anu kacida. Ridwan janten
boga kayakinan yen “cinta teu salamina kedah
ngagaduhan”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar